Monday 24 April 2017

Sasakala Situ Patenggang

Sasakala Situ Patenggang

Cinta mibanda kakuatan nu rohaka. Cinta, merlukeun perjoangan jeung pangorbanan, kalayan disorang ku hate nu ihlas. Najan dipisahkeun ku anggangna tempat, tapi ku cinta mah mo burung jauh dijugjug anggang diteang.
Sasakala Situ Patenggang
Ki Santang jeung Dewi Rengganis, nu ngawiru cinta munggaran. Hiji mangsa manggih cocoba, kudu paturay paanggang tineung. Sanaos kitu, ari ati papada ati mah teu weleh cumantel. Peureum kadeuleu, beunta karasa. Anu ahirna ngajurung duanana pikeun maluruh laratan sewang-sewangan. Dewi Rengganis maluruh laratan Ki Santang, pon pilalagi sabalikna. Pateangan-teangan, tug dugi ka nyaliksik ka tepis wiring.
Cunduk waktu, ninggang mangsa, antukna Dewi Rengganis sareng ki Santang teu burung patepung lawung paamprok jonghok di hiji tempat kalayan disaksian ku hiji batu gede, anu kiwari katelahna Batu Cinta.
"Jungjunan buah ati di pawenangan, nyanggakeun raga katineung anu ngancik dina asmara. Jisim abdi teh parantos apruk-aprukan maluruh laratan salira, nanging ihlas, rido, dugi ka ayeuna urang tiasa patepang dibarung hate kebek kabagjaan," kitu saur Dewi Rengganis.
"Deudeuh teuing, geulis. Akang oge apan salami ieu teh lumampah tanpa tujuan, estuning nuturkeun indung suku teh sanes bobohongan. Demi anu diseja, taya deui iwal ti patepang sareng salira. Kiwari akang kacida bungahna, bungah kagiri-giri wireh urang patepung di ieu tempat," waler Ki Santang.
Dewi Rengganis sareng Ki Santang silih cacapkeun kasono di luhur batu gede, batu cinta. Salajengna Ki Santang ngedalkeun pamaksudanana pikeun nyandingkeun Dewi Rengganis. Tangtos bae Dewi Rengganis henteu nampik, sasat tos jadi cita-citana ti kapungkur. Kilang kitu, Dewi Rengganis aya panuhun ka Ki Santang.
"Manawi teu kaabotan, jisim abdi teh gaduh kahoyong."
"Mangga, geulis. Hoyong naon bae, moal burung ditarekahan, pikeun ngabuktikeun cinta akang ka salira."
"Duh jungjunan buah hate, jisim abdi teh hoyong dipangdamelkeun situ sareng parahuna, kanggo urang duaan lalayaran."
"Situ?"
"Sumuhun, jungjunan."
"Sumangga, ku akang dipangdamelkeun."
"Akang ihlas?"
"Tangtos bae, geulis. Bujeng hingga ukur situ, dalah dipiwarang ngadamel laut oge, tangtos akang bakal narekahan sakamampuh akang."
"Hatur nuhun, akang."
Kocap Ki Santang anu katelah mibanda kasaktian, langsung ngetrukeun sakur pangabisana. Ki Santang nenjrag lelemah dibarung ku kakuatan anu rohaka. Bumi inggeung, sarta cai nyusu ngaburial. Cai nyusu ngeueum eta patempatan tug dugi ka jadi situ. Teu hilap, Ki Santang oge ngadamel parahu, kanggo lalayaran.
Sabada Ki Santang tiasa nohonan pamundut Dewi Rengganis, tangtos bae Dewi Rengganis oge henteu sulaya kana jangjina. Ki Santang sareng Dewi Rengganis maheutkeun jangji, meungkeut cinta ku pertikahan.
-=oOo=-
Kiwari Situ Patenggang kakoncara minangka salah sahiji tujuan wisata Jawa Barat. Naha bet katelah Patenggang? Taya nu terang sacara pasti, da anu eces mah kawitna tina patengan. Maksad patengan teh nyandak tina lalampahan Ki Santang sareng Dewi Rengganis anu silih teangan atanapi pateangan-teangan.
Demi parahu anu didamel ku Ki Santang tea kiwari ngajanggelek jadi hiji pulo anu perenahna di satengahing situ. Eta pulo teh kiwari dinamian Pulo Asmara. Tangtos nyandak tina asal muasal parahu, anu dianggo ngumbar asmara ku Dewi Rengganis sareng Ki Santang.
Dumasar tina eta lagenda, kiwari tumuwuh kapercayaan atanapi mitos di sabagean masarakat. Utamana mah aya nu gaduh pamadegan, yen sing saha bae anu nuju papacangan, bakal lana hubunganana, pami lalayaran di Situ Patenggang. Ku ayana eta mitos, seueur anu wisata ka Situ Patenggang teh disarengan ku bebenena sewang-sewangan.

No comments:

Post a Comment